Contoh Sajak Jeung Contoh Sisindiran Bahasa Sunda

Contoh Sajak
Sajak
Jalan Kahirupan

Surup panon poé belah wetan
Nandaken poékna jalan kahirupan
Ku rupa-rupa godaan
Nu nyieun manusa sasar jalan

Ngagodana sétan ka manusa
Lir ibarat laleur nyerbu mangsa
Teu euereun-eureun eta ngagoda
Nepi ka manusa sasar jalan hirupna

Duh pangeran nu maha uninga
Uninga kana sasar jalan hirup manusa
 Ogé uninga kana dosa hamba
Tulungan hamba dina ieu cocoba

Manusa teu aya daya
Manusa teu aya upaya
Piken ngalawan éta cocoba
Iwal ti pitulung pangérana



Contoh Sisindiran paparikan, Sisindiran Rarakitan,  Jeung Sisindiran Wawangsalan

Sisindiran Paparikan

Hayang teuing nyaba ka Jakarta
Ngan hanjakal teu boga babaturan
Mun hayang asup surga
Hayu urang ka pangajian

Isuk-isuk manggul keusik
Keusik jang nambal jalana
Héy enang orang tasik
Meni kacida geulisna

Sisindiran Rarakitan
Kamana jalan ka Majenang
Kadieu ka palih wetan
Kamana jalan ka senang
Kadieu ka pangaosan

Hayang teuing ulin ka Paris
Ngan hanjakal pésak kosong
Hayang teuing buah amis
Ngan hanjakal huntu bolong

Sisindiran Wawangsalan
Mun caang katinggal, Mun poek teu katinggal
Naon cik? “Kalangkangna

Comments

In Our Opinion and Learning